Minggu, 04 Maret 2018

SOAL LATIHAN PTS GENAP KELAS VIII


SOAL LATIHAN PTS VIII
PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP


NAMA SEKOLAH               :
MATA PELAJARAN           : Bahasa Sunda
KELAS/SEMESTER             : VIII/Genap
TANGGAL                            :
WAKTU                                                : 90 Menit

A.      Jawab ieu patalékan ku cara milih jawaban nu pangmerenahna!
MANG KABAYAN
Hiji mangsa Mang Kabayan dagang bubur
cenah rék dagang nguriling
rék dagang tangtu payu
bet hujan nepi ka burit
dagang taya nu ngawaro

Mang Kabayan isukna téh dagang bubur
bubur kacang panas teuing
sedeng poe matak tutung
Mang kabayan rugi deui
teu payu najan samangkok

Pagétona Mang Kabayan dagang terus
bubur jeung és bet ngahiji
sangkan sakalian nanggung
mun hujan buburna laris
mun panas és nu diboro

1.       Guguritan di luhur ngagunakeun pupuh ….
a.       Balakbak
b.      Magatru
c.       Sinom
d.      Kinanti
2.       Aya sabaraha pada guguritan di luhur….
a.       1
b.      2
c.       3
d.      4
3.       Guguritan di luhur mibanda lima padalisan dina saban padana.
Kecap padalisan sarua hartina jeung
a.       Guru lagu
b.      Guru wilangan
c.       Paragraph
d.      Baris
4.       Guguritan di luhur upama dianalisis gurulagu jeung guruwilanganana nu bener nya éta ….
a.       12u, 8i, 8a, 8i, 8u
b.      11u, 7i, 7a, 7i, 8a
c.       12u, 8i, 8a, 8i, 8a
d.      11 u, 7i, 7a, 7i, 7a
5.       Nu mangrupa eusi nu bener tina pada ka dua tina guguritan di luhur nya éta ….
a.       Mang Kabayan dagang bubur teu laku
b.      Mang Kabayan dagang és teu laku
c.       Mang Kabayan dagang és jeung buburna teu laku
d.      Mang Kabayan dagang és jeung buburna laku
6.       Nu mangrupa eusi tina pada ka tilu tina guguritan di luhur nya éta ….
a.       Mang Kabayan dagang és teu laku
b.      Mang Kabayan dagang bubur teu laku
c.       Mang Kabayan dagang és jeung buburna teu laku
d.      Mang Kabayan dagang és jeung buburna laku
7.       Sedengkeun watek tina pupuh nu dipaké dina guguritan di luhur nya éta ….
a.       mapatahan, prihatin, hadeueul, lulucon
b.      kaambek, kabungah, kasedih
c.       heureuy
d.      heureuy, kaambek, bela nagara
8.       Saban karya sastra ditulis kalayan miboga tujuan, kitu deui guguritan. Guguritan téh mangrupa karya sastra winangun puisi nu ditulis ngagunakeun aturan ugeran pupuh nu eusina mangrupa carita. Nu mangrupa amanat tina guguritan di luhur nya éta ….
a.       Dina ngalakukeun usaha atawa ikhtiar kudu dibarengan jeung du’a
b.      Dina ngalakukeun ikhtiar atawa usaha urang kudu dibarengan jeung modal
c.       Dina ngalakukeun ikhtiar atawa usaha kudu barengan kasabaran, sumanget, jeung maca kaayaan
d.      Dina ngalakukeun ikhtiar atawa usaha urang kudu nuturkeun sora hate
9.       Kasakit lantaran infeksi jeroeun kuku, disebut kasakit ….
a.       Éwateun
b.      Hileudeun
c.       Lilinieun
d.      Turuwisen
10.   Mang Ohim  : “ Nu matak Néd ulah sok tuang-toong nu lain tempoeunana!”
Junéd             : “ Ku naon kitu Mang?”
Mang Ohim  : “ Heueuh, kapan éta balukarna biwir panon nyanéh jadi bareuh bintitan, cenangan deuih!”

Kasakit nu karandapan ki Juéd téh istilah sok disebut kasakit ….
a.       Turuwisen
b.      Gondongeun
c.       Sésékélan
d.      Kaligata

Baca ieu sempalan warta pikeun ngajawab sababaraha patalékan di handap!
SENI UNGGULAN DAÉRAH MIDANG DI BANDUNG

Kumaha warna-warnina budaya daérah, katangén dina acara “Pekan Seni Budaya Jawa Barat 2013” nu lumangsung salila tujuh poé tujuh peuting nya éta ti tanggal tujuh nepi ka tilubelas Séptémber 2013, di sabudeureun Gedong Saté Bandung.
       Éta acara téh dialpukahan ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat, dina raraga miéling milangkala Provinsi Jawa Barat anu ka-68. Ieu acara dideugdeug ku rébuan panongton téh dibuka ku wakil Gubernur Jawa Barat, Deddy Mizwar. Dina pamapagna Deddy Mizwar nétélakeun yén seni budaya Jawa Barat téh boga ajén anu kacida luhurna sarta bias jadi asset budaya anu payu dijual keur kapentingan pariwisata.
Rupaning seni unggulan ti 26 kabupatén/kota téh dipintonkeun babarengan dina wangun hélaran. Lian ti éta dipintonkeun ogé kaulinan urang lembur, pagelaran seni kontémporér, pertival ngabodor sorangaan (borangan), lomba ngalukis tingkat barudak, workshop seni budaya, pertival wayang internasional, paméran seni rupa ténda, sarta paméran kujang. Sakabéh pintonan dikokolakeun ku paraseniman budayawan ti 26 kota/kabupatén, komunitas seni, sarta pangrajin seni di Jawa Barat.
       Pangbagéa masarakat kana ieu acara téh kacida pikabungaheunana. Salila tujuh poé tujuh peuting acara pintonan, teu weléh dideugdeug ku nu lalajo, nepi ka patali marga sabudeureun Gedong Saté macét pisan.

11.   Naon anu jadi jejer warta di luhur?
a.       Kagiatan Pekan Péstival Seniman Jawa Barat 2013
b.      Kagiatan Pekan Péstival Seni Jawa Barat 2013
c.       Kagiatan Pekan Péstival Seni Hélaran Jawa Barat 2013
d.      Kagiatan Pekan Pestival Seni Dinas Pariwisata Jawabarat 2013
12.   Saha nu ngajejeran acara dina warta di luhur?
a.       Wakil Gubernur Jawa Barat Deddy Mizwar
b.      Para Seniman ti 26 kabupatén/kota
c.       Dinas Pariwisata Jawa Barat
d.      Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan
13.   Di mana lumangsungna éta kagiatan dina warta di luhur?
a.       Di sabudeureun Gedong Saté Bandung
b.      Di sabudeureun Dinas Pariwisata jawa Barat
c.       Di saban kabupatén/kota
d.      Di jero Gedong Saté Bandung
14.   Iraha éta kagiatan dina warta di luhur lumangsung?
a.       ti tanggal 17 nepi ka 23 Séptémber 2013
b.      ti tanggal 3 nepi ka 7 Novémber 2013
c.       ti tanggal 7 nepi ka 13 Novémber 2013
d.      ti tanggal 7 nepi ka 13 Séptémber 2013
15.   Naon nu jadi tujuan éta gaiatan dina warta dilaksanakeun?
a.       Pikeun ngareuah-reuah miéling Provinsi Jawa Barat anu ka 68
b.      Pikeun ngareuah-reuah miéling Dinas Pariwisata Provinsi Jawa barat nu ka 68
c.       Pikeun ngareuah-reuah miéling Provinsi Jawa Barat nu ka 86
d.      Pikeun ngareuah-reuah miéling Dinas Pariwisata jawa Barat nu ka 86
16.   Kumaha kaayaan di sabudeureun Gedong Saté salila lumangsung kagiatan?
a.       Ramé pisan, réa nu daragang ti unggal kabupaté/kota
b.      Tiiseun pisan, salila lmangsung tujuh poé tujuh peuting taya masarakat nu ngadeugdeug
c.       Ramé pisan, salila tujuh poé tujuh peuting teu wéh dideugdeug ku masarakat nepi ka patali marga macét
d.      Tiiseun pisan, taya nu daragang sabab dilarang
17.   Salian ti dina hélaran, aya sabaraha hiji kagiatan nu dipintonkeun dina warta di luhur?
a.       8
b.      7
c.       6
d.      5
18.   Saha nu mé sambutan atawa pamapag kagiatan dina warta di luhur?
a.       Wakil Gubernur Jawa Barat Deddy Mizwar
b.      Para Seniman ti 26 kabupatén/kota
c.       Dinas Pariwisata Jawa Barat
d.      Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan
19.   Dina warta di luhur aya kecap patalimarga nu hartina sarua jeung ….
a.       Jalan
b.      Kandaraan
c.       Lalulintas
d.      Mobil
20.   “Salila tujuh poé tujuh peuting acara téh pada ngadeugdeug ku masarakat”.
Kecap ngadeuddeug ngabogaan harti sabalikna nya éta ….
a.       Ngadatangan
b.      Ninggalkeun
c.       Ninggalikeun
d.      Ngantep
Esey
1.       Pék jéntrékeun ieu rupa-rupa kasakit
a.       Éwateun
b.      Turuwisen
c.       Hileudeun
2.       Pék analisis gurulagu jeung guru wilangan ieu pupuh mijil!
Najan cicing nya di tepis wiring
lkadé ulah bodo
kudu tetep nungtut élmu baé
sabab jalma nu loba pangarti
hirup tangtu hurip
mulus tur rahayu
3.       Lengkepan Paguneman di handap ku tatakrama basa nu merenah!
Bu Iceu : “ Nonih, ku naon kamari teu sakola?”
Nonih   : “Hapunten bu abdi kamari …….. awak, janten teu kiat ka sakola. Tapi ayeuna Alhamdulillah tos jagjag”
Bu Iceu : “ Nu matak kadaharanna tong sakahayang!. Ngadahar naon atuh saméméhna?”
Nonih   : “ sateu acanna abdi téh ….. seblak Bu”
Bu Iceu : “ Euh, paingan atuh!”
4.       Pék jéntrékeun istilah paélmuan ieu di handap!
-          Undagi
-          Caturangga
-          Kasantikaan
5.       Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap!
-          Macul
-          Sapuluh
-          bageur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar